Rabu, 18 Januari 2012

Artikel Basa Sunada


Tarekah ngaronjatkeun dina raraga ngayonan ujian nasional
Ujian nasional ti kampungkur dugi kakiwari teu leupas tina kontroversi dina pelaksanaanana.Aya pihak anu ngadukung aya nu henteu, teu saeutik oge pihak anu ngarasa teu perlu Ujian Nasional di laksanakeun, tapi tetep pamarentah teu  geming kana kaputusanana yen Ujian Nasional teh salah sahiji cara keur nangtukeun standar kalulusan siswa.
Sanaos kitu oge urang salaku Pendidik, Orang tua atanapi siswa teu kedah berpolemik dina soal eta, margi  tetep Ujian Nasioanal mah tos jadi kaputusan anu kedah diayonan ku urang balarea
Anu kedah di lakukeun ku urang ayuna mah kumaha carana  supados nyiapkeun diri urang masing-masing  pikeun ngahontal hasil anu dipikaharep nyaeta kenging hasil anu maksimal.
Aya sababaraha tarekah ngaronjatkeun dina raraga ngayonan ujian nasional kanggo Orang tua, sakola sareng Siswa sorangan
a.     Kanggo Siswa :
Tarekah anu kedah dilampah supados sukses dina raraga ngayonan Ujian Nasioanal nyaeta :
1.      Nga du’a ka gusti Allah oge nyuhun keun pidu’a,margi ieu kawajiban urang pikeun salamina nuhunkeun ka Allah Kanggo sagala kaberhasilan sareng kasaean urang
2.      Biasakeun Shalat 5 waktu berjama’ah, shalat Tahjud, Shalat Duha sarta amalan-amalan anu sanesna
3.      Nyuhunkeun pidua ka sepuh supados lungsur langsar
4.      Ayonan Ujian pinuh ku katenangan
5.      Seuer keun maca sarta maos latihan soal
6.      Kedah proaktif tataros pelajaran anu teu paham
7.      Diajar  babarengan /kelompok
8.       Nyusun rencana-rencana belajar mingguan, poean, sareng jam kanggo sesi belajar anu bade di lampah.
9.      Ngurangan waktos kanggo nu teu manfaat, seueurkeun waktos kanggo belajar



b.    Kanggo Orang tua
Tarekah anu kedah dilakuakeun nyaeta :
1.      Henteu kendat ngadua kanu kawasa kanggo keberhasilan para putr/I na
2.      Kumajak kapara putra/I na kanggo ningkatkeun amalan amalan anu sae sapertos sholat 5 waktu, Tahjud, Duha anu kedah di contoan ku para orang tuana
3.      Nyayagikeun kondisi diimah anu kondusif pikeun diajar
4.      Kurangan beban putra/I na, pasihan kasempetan kanggo watkos diajarna anu leuwih seueur.
5.      Kurangan waktos kanggo putra/I na pikeun ulin kaluar imah, Maen PS atanapi ulinan motor
6.      Pasihan motivasi pikeun sumanget dina diajarna
7.      Pasihan  waktu Istirahat anu cukup
8.      Kendalikeun tina sagala kagiatan diluar sakola

c.       Kanggo Sekolah,
Tarekah anu kudu dilakuakeun nyaeta :
1.      Ngayakeun Ujian try out
2.      Ngayakeun Les
3.      Madetkeun jam pelajaran materi Ujian Nasional
4.      Ngayakeun konsultasi pelajaran kanggo siswa jeung guruna
5.      Ngayakeun Bimbingan Emotional Spiritual Question (ESQ)
6.      Ngabiasakeun shalat duhur berjamaah di sakola, oga shalat duha.
Sakitu tarekah /tips ngaronjatkeun dina raraga ngayonan Ujian Nasioanal, anu tiasa kapihatur mudah-mudahan manfaat keur balarea amin….

Related Post:

Tidak ada komentar:

Posting Komentar