Sabtu, 21 Januari 2012

Artikel Basa Sunda/Kadaharan Siap saji

1.     Panghartian Kadaharan Instan (siap saji)
Kadaharan anu instan atanapi siap saji nyaeta jenis kadaharan anu di kemas jeung gampang nyajikeunana, tur praktis, atawa sakur  kadaharan anu diolah make cara anu sederhana.
Kadaharan eta  umumna di jieun ku Industri Pangolahan Pangan ngagunakeun tekhnologi luhur anu biasana ngagunakeun zat adiktif  pikeun bahan pangawetna oge  citra rasa pikeun produkna .  kadaharan siap saji atanapi Instan biasana mangrupakeun lauk pauk dina kemasan, saperti mie Insatan, Nugget corn Flaks Kanggo sarapan isuk.
2.     Contoh kandungan bahan  anu aya dina Mie Instan
Bahan-bahan anu aya dina mie Instan  nyaeta :
 1). Bumbu
Bumbu anu digunakeun dina mie di antarana nyaeta MSG atawa Vetsin. Titik kritisna aya dina Media mikrobal, nyaeta media anu biasa di pake keur ngalahirkeun mikroorganisme anu fungsina  kangge fermentasi bahan baku Vetsin.
Sedengkeun bahan pelengkap mie instan nyaeta  bahan-bahan  panggurih anu disebut HVP jeung yeast extract.  HVP atawa hidrolized vegetable protein   mangrupakeun jenis protein anu dihidrolisasi  ngange asam klorida atawa enzim. Ieu anu jadi pertanyaan naha tina binatang, tutumbuhan atawa mikroorganisme, ari tina binatang kudu jelas binatang naon jeung kumaha meuncitna? Sedengkeun yeast extract anu jadi titik kritisna nyaeta asam animo anu tina binatang tea.
2). Bahan keur nambah rasa
Bahan keur nambah rasa atawa flavor salamina digunakeun keur nyieun mie instan. Bahan ieu anu mere rasa mie, naha rek ayam bawang, ayam panggang, kari ayam soto ayam, baso  jeung sajabana. Titik kritis flavor aya dina sumbu flavor , ari sumbu flavorna tina binatang kudu jelas binatang naon jeung kumaha meuncitna. Kitu deui jenis flavor anu tina rambut atawa bagian tinu lain tina awak manusa jelas statusna haram.
3). Minyak sayur
Minyak sayur jadi masalah ari sumberna tina sasatoan atawa dicampur ku lemak sasatoan.
4). Solid Ingredient
Solid ingredient nyaeta bahan-bahan pelengkap  anu mangrupakeun sosis, suwiran ayam, bawang goring, cabe kering jeung sajabana titik kritisna  tangtu tina sumber hewani anu di gunakeun
5). Kecap dan sambal
Kecap jeung sambel oge kudu dipaluru. Kecap bisa ngagunakeun flavor, MSG, kaldu tulang pikeun nambah kalezatanana.
Dina hal ieu anu kudu di perhatikeun nyaeta ari masak mie instan tong dipasak babarengan jeung bumbuna, margi MSG anu aya dina kandunganana ari di pasak di luhureun suhu 120 0C berpotensi jadi karsinogen anu mawa kanker , perhatikeun prosedur panyajian mie instan, kabeh nganjurkeun pikeun masak heula mie na nembe bumbuna ditaburkeun dina luhur mangkok.

3.     Macem-macem kadaharan siap saji atawa instan
a.       Kadaharan gorengan
Golongan ieu umumna kandungan kalorina loba, kandungan lemak / minyak jeung oksigena luhur ari di dahar terus-terusan ngakibatkeun awak gendut kacenderungan anu dahar gorengan bisa ngakibatkeun kanker
b.        kadaharan  kalengan
Naha anu mangrupakeun buah  kalengan atawa daging kalengan, kadaharan ieu kandungan gizina  parantos  reksak
c.       kadaharan asinan
Dina proses pangasinan dibutuhkeun uyah anu loba, hal ieu anu ngakibatkeun kandungan uyahna  kaliwat bates,anu antukna nambah beban ginjal
d.       Kadaharan daging anu diproses (ham, sosis, dll)
Kadaharan ieu ngandung garam nitrit anu nyebabkeun kanker
e.        kadaharan tina lemak daging jeung jerohan
Sing sanaos kadahran ieu  ngagaduhan  kadar protein anu hade , tapi dina daging anu ngandung lemak tina jerohan anu angandung kolestrol
f.        Olahan Keju
Pami sering dahar olahan keju  bisa nyebabkeun darah tinggi
g.       Mi Instant
Dahareun ieu kagolong kadaharan anu kandungan uyahna ageung , miskin vitamina jeung mineral anu bisa ngajadikeun anu daharna gagal ginjal
h.      Kadaharan  anu dipanggang/dibakar
Kadaharan anu ngandung zat anu ngajadikeun kanker
i.         Sajian Amis beku.
Anu Termasuk golongan ieu nyaeta  ice cream, cake beku jsb salain ngarusak kana huntu oge ngarusak kana lambung
j.         Manisan kering
Ngandung garam nitrat.

4.     Dampak tina kadaharan siap saji/instan

Kadaharan anu siap saji atawa instan anu sering kuurang didahar  rasana anu ngeunah jeung tampilan kemasan anu endah anu matak ngagugah rasa dahar,  ternyata nyimpen kandungan anu ngabahayakeun keur awak urang. Zat-zat kawas kolestrol jeung lemak jenuh anu aya dina kadaharan instan bisa ngakibatkeun macem-macem panyakit diantarana :
a.       Kadaharan siap saji ngamicu panyakit  diabetes
Biasana kadaharan anu dikemas pikeun kadaharan siap saji kadar gulana ngaliwatan batas utamana gula buatan, goreng keur kasehatan awak margi bisa ngajadikeun panyakit gula atawa diabetes. Minuman anu ngandung soda, cake, jeung cookies ngandung loba gula buatan jeung saeutik vitamina, sedengkeun kabutuhan gula keur awak  ulah leuwih tina 4 gram atawa sasendik sapopoena.
Upama urang kaseringan dahar jeung nginum kadaharan siap saji / instan pasti ngakibatkeun lemak jeung darah naek, anu antukna urang jadi gendut, sakur awak urang naek kiloana tangtu peluang panyakit datang teh lewih loba, numutkeun Professor Jhon Spertus, Universitas Missouri, Kansas cumarios : sakur jalma anu sering dahar kadaharan siap saji pasti beurat awakna ningkat jeung ngagaduhan resiko diabetes.
b.       Kadaharan  siap saji micu panyakit jantung
The American Heart Association nganjurkeun ulah loba teuing dahar daging anu ngandung lemak jenuh tinggi jeung trans fat, sodium, kolestrol kawas burger keju jeung kadaharan anu di goreng  tangtuna mere masalah kana jantung, lobakeun dahar sayuran leuwuih hade
Sabener namah, kabeh kolestrol anu di butuhkeun pikeun awak diproduksi ku hate, ari aya kalewihan kolestrol eta tina kadaharan siap saji anu ngandung loba kolestrol misalna daging beureum (sapi), jeroan (Hate,otak limpa)krim jeung mentega.
Sakur awak anu loba kandungan kolestrolna, peluang panyakit jantung the leuwih deukeut.
c.       Kadaharan  cepat saji memicu hipertensi
Sodium anu loba anu ngancik dina kadaharan siap saji bisa ngakibatkeun aliran getih naek anu rentang ngalahirkeun panyakit hipertensi.
d.       Kadaharan  siap  saji  micu panyakit kanker usus jeung kanker payudara
Satured fat oge loba ditimukeun dina kadaharan fast food anu bahaya keur awak zat eta pisan anu ngarangsang organ hate pikeun ngalahirkeun loba kolestrol.
Lobana jumlah satured fat dina kadaharan fast food  bakal nimbulkeun kanker, utamana kanker  usus jeung kanker payudara , Lemak tina daging, susu, mangrupakeun sumber utama tina satured fat.
e.       Kadaharan  siap saji micu maag
Kabiasaan jajan kadaharan siap saji ngakibatkeun panyakit maag . margi umumna kadaharan siap saji  luhur  karbohidratna  tapi handap seratna .contohna kadaharan anu di goreng. Biasana fast food oge  sering  gandung pangawet, penyedap, pewarna, pengental, jeung  bahan-bahan kimia tambahan anu kurang hade keur sistim pencernaan anu antukana boga panyakit maag.
 
f.        Kadaharan siap saji micu panyakit  gagal ginjal
Kadar protein anu loba di timukeun dina kadahran siap saji  bakal ngareksak ginjal atawa nyien pagawean ginjal tambah beurat . eta anu nyebabkeun panyakit gagal ginjal teh.

5.     Tarekah ngurangan dampak negative tina kadaharan siap saji
Pikeun ngurangan dampak negative zat adiktif kadaharan aya sababaraha tarekah anu kudu ditarekahan dantarana :
1.  Secara Internal
Ngurangan dahar kadaharan siap saji, lobakeun dahar  sasayuran  jeung buah-buahan anu ngandung vitamin  jeung zat antikarsinogen diantarana  vitamin A,C,E .
Mere pangartian ka kulawarga tina bahayana zat adiktif, ngawaskeun jajana putra-putrina sangkan ulah jajan sambarangan, hadenamah ka sakola the mawa bekel ti imah 
2. Secara Eksternal

  • Produsen
Diperlukeun kasadaran jeung tanggung jawab produsen pikeun ngurangan pamakean zat adiktif dina kadaharanana, ngimformasikeun komposisi kadaharan anu jelas termasuk zat adiktif anu ditambahkeunana.
·         Pamarentah
Nyieun pangawasan jeung tindakan anu tegas ka produsen –produsen anu ngalanggar aturan pamarentah jeung neruskeun program PMT-AS (Program Makanan Tamabahan-Anak Sekolah)
  • Non-pamarentah (LSM)
Nyieun klompok konsumen, ngadorong tumuwuh  masarakat salaku anu ngawas kabijakan public, ngantisipasi kabijakan global anu angakibatkeun kurang hade pikeun konsumen

Related Post:

Tidak ada komentar:

Posting Komentar